Sabtu, 24 Oktober 2015

KERNETUR

Hiji waktu JANG HASAN jadi kernetur bus kota,  kabeneran pas nagihan ongkos ka panumpang katinggali aya ibu-ibu nu keur ceurik ngageunggeuik disisieun budakna.

Singkatna,  JANG HASAN nyampeurkeun ibu-ibu eta.
Terus nanya..

JANG HASAN :
" Ibu .. Punten ibu
  Dupi ibu kunaon beut nangis? "

Ibu-ibu :
" Ibu mah teu raos ujang
  Kupanumpang nu dipayun "

JANG HASAN :
" Naha kunaon kitu ibu teh? "

Ibu-ibu :
" Budak ibu dihina ku manehna disebut
  Si keling mah si hanoman mah
  Si warna warni mah
  Pokokna ibu mah nyeuri hate pisan
  Ujanggggggggggggggg "
(bari ceurik beuki tarik)

Disebut warna warni teh pedah budak si ibu eta kulitna hideung tosca, huntuna ngagurilap koneng emas, make baju warna kayas, rambutna model galing katulampa, suku na balatak tapak pelor, bari leho nu geus jadi kerak pinuh dina beungeut na.
(AMIT AMIT)

JANG HASAN :
" Astagfirullah
  Si nurustunjung, si kaseubeulan,
  Carekan deui bu jelema kitu mah tuman
  Kudu rada dipapagahan,
  Teu sopan pisan
  Puguh da babari nyieun budak teh !
  Jug bu sampeurkeun, pami aya
  Nanaon abdi nu kapayun na "
(JANG HASAN nyuluhan si ibu eta)

Ibu-ibu :
" Muhun atuh jang urang sampeurkeun
  Ku ibu jalmi eta na. Ieu atuh ibu titip
  Hela si kasep nya "
(ngasongkeun budakna)

JANG HASAN :
" Sumuhun mangga ibu,
  Sok we ibu mah kaditu
  Bilih kabujeung turun jalmina
  Sok sing jongjon nyarekan nana,
  Keun weh *MONYET* ieu mah aman
  sareng abdi Didieu. "

(saruana atuh EDANNNNNNNNN ai ngomong kitu mah atuh)

Lainna indit si ibu eta alakah beuki tambah ceurik gogowakan bari kokosehan persis pisan siga indung monyet.

TAMAT

(HAPUNTEN ANU KASUHUN)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar