Minggu, 08 November 2015

TUKANG MABOK SUKSES




Alkisah aya 3 urang anak manusia nu menang warisan, singkat carita sanggeusna menang warisan maranehna maruka usaha masing masing, mang puluh puluh taun maranehna papisah kusabab saribuk ngurus usaha. Hiji waktu maranehna baralik deui ka imah kolot na ngarariung sadulur dulur sosonoan bari ngarobrolkeun usaha na masing masing.

Ceuk budak nu kahiji,

Kahiji :
" kumaha euy usaha teh geus neupi
  Kamarana?
  Usaha urang mah ruksak
  Bangkrut teu kapalang "
(curhatna)

Kadua :
" sarua atuh ai kitu mah,  urang ge
  Ancur ayeunamah.
  Mimiti usaha cuankie,  gagal !!
  Terakhir usaha kanu kurudung
  Gagal deui wae.
  Modal beak teu nyesa saperak perak
  Acan. "

Diantara maranehna tiluan nu katinggali pulih keneh mah budak nu bungsu, harta na beuki nambahan. Padahal katinggalinamah si bungsu teh teu ngajalankeun usaha nanaon.
Ngan hardolin bari meakeun duit warisan pagawean sapopoe nage.

Katilu :
" nya cing sarabar weh lanceuk!!
  Mereun acan waktu na "

Lanceuk lanceuk na hareran bin araraneheun naha bisa adi na beuki maju padahal usaha henteu, gawe oge teu gableg.

Kahiji :
" kehela !!
  Ai maneh ayeuna keur ngamajukeun
  Usaha naon kitu bungsu ayeuna teh? "
(tanya lanceukna bari heran)

Katilu :
" ahhhhhhh nya kitu weh
  Pagawean abdi mah diharita keneh
  Ngan sakur poya poya meakeun duit
  Warisan "
(tembalna bari kaleum)

Kadua :
" HARRRRRRRRRRRR
  Terus kumaha caritana maneh bisa
  Tambah maju ?? "

Katilu :
" sumuhun nya kitu weh pagawean
  Abdi mah ngan mabok we jeung mabok
  Bari ngundang balad 350 urang.
  pami tos beres mabokna botol tilas
  Minumanna ku abdi digunukeun deui
  Geus loba kara dijual !! "
(HEEUH OGE NYAA)

Kahiji :
" atuh kaduhung aing jadi teu jadi
  Tukang mabok ai kitu cara namah "

KABAYANG PISAKUMAHEUN ETA LOBANA BOTOL URUT MINUMAN ARI UNGGAL POE MARABOK MAH,  DIGUNUKEUN SATAUN OGE KAUDAG AJANG MUKA TAMAN LALU LINTAS!!

pinteran usaha namah tapi omat MONTONG diturutan da ieu mah dongeng!!

TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar